Pèrsib Bandung arèk mawa 20 pamaèn andalanna pkeun ngajajal skuad Mitra Kutai Kartanagara jeung Persisam Samarinda di kandang masing-masing dina lanjutan laga Liga Super Indonesia, Saptu 14 Januari jeung Salasa 17 Januari 2012. Tim Maung Bandung mawa 3 panyerang, 8 gelandang, 7 bèk jeung stoper, jeung 2 kiper.
Katilu panyerang nyaèta Airlangga, Aliyudin, jeung Moses Sakyi. Gelandang serang nyaèta Atèp, Miljan Radovic, M. Ilham, Budiawan. Gelandang bertahan Hariono, Tony Sucipto, Hendra Ridwan, dan M. Agung.
Reujeung para pemain lini tukang mimiti bèk katuhu Zulkifli Syukur, Wildansyah, jeung Anggi Permana. Bèk kènca M. Nasuha jeung Jajang Sukmara. Dua stopper Abanda Herman reujeung kapten Maman Abdurahman. Reujeung deui kiper Jandry Pitoy sareng Cecep Supriyatna.
"Tina segi fisik, maranèhna geus siap tampil, teu aya nu cedera,"saur pelatih kiper Anwar Sanusi di mèss Pèrsib, Kota Bandung, Rebo 11 Januari 2012. Lamun tina sisi stratègi, Anwar nempo pelatih kapala Drago Mamic teu mèrè pangajaran anyar ka barudak asuhanna.
"Ngan sajauh ieu dina sisi taktik anyar, èvaluasi tarung samèmèhna jeung korèksi ku latihan supaya teu patos tèrèh leungiteun bal di lapangan tengah jeung paluang gol,"saurna.
"Nu penting mah pamaèn kudu siap mèntal. Drago Mamic gè mènta pamaèn biasa-biasa kawas sawajarna,"saur Anwar.
Pèrsib ayeuna aya di rèngking ka-4 klasemen Liga Super 2011 - 2012. Maung ngumpulkeun 12 poin, tina tilu kali meunang jeung tilu kali imbang. Reujeung Mitra Kukar ayeuna aya di rèngking ka-12 tina jumlah 7 poin hasil dua kali meunang, sakali imbang, jeung dua kali èlèh.
Rujukan: Tempo.co
Kamis, 12 Januari 2012
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 komentar:
Posting Komentar