![]() | |
PAMAÈN Gelandang Pèrsib Bandung, Jajang Sukmara (kènca) parebut bal sareng pamaèn tukang PSPS Pekanbaru, Amrizal |
Maèn di Stadion si Jalak Harupat, Sorèang, Bandung, Pèrsib sempet tinggaleun 0-1 di babak kahiji. Gol PSPS Pekanbaru muncul dina menit ka-17 ku Patrice Nzekou.
Maung Bandung kakara mampu nyamakeun di babak kadua ku gol Jajang dina menit ka-51. Saatos èta, permainan pasukan Drago Mamic jadi leuwih ningkat dugi ka malik unggul dina menit ka-57 ku tendangan bèbas Miljan Radovic.
Jajang ngaku seneng bisa nyumbang hiji gol dina duel ieu. Reujeung gol eta bis ngabangkitkeun motivasi pamain-pamain Pèrsib sèjènna. “Ieu gol kahiji abdi dina karier profesional sareng Pèrsib," saur Jajang rèngsè laga.
"Reujeng deui gol kuring bisa mawa Pèrsib ngaraih kameunangan. Jeung èta ngajadi kuring gumbira, mugia ka hareupna kuring bisa mèrè kontribusi anu leuwih alus pikeun Persib,” tambih Jajang.
Anu ngajadikeun Jajang puas, kameunangan ti Asykar Bertuah anu diraih pas Maung Bandung keur krisis pamain. Dina duel ieu, Maung Bandung kudu maèn teu makè opat pilarna, nyaèta Muhammad Ilham, Hariono, Moses Sakyi, jeung Robbie Gaspar.
Ngahadapi PSPS, Jajang sabenerna asup pikeun jadi pamain pangganti. Jajang tampil ngagantikeun M Nasuha anu cedera dina menit ka-14. Saur Jajang, manehna sempet geumpeur dugi ka seuuer nyieun kasalahan di babak kahiji. Untung di babak kadua, manèhna bias ngatur emosina jeung tampil bèbas.
"Nya, ngaganti anu cepet, ngajadikeun kuring teu bisa konsentrasi pinuh. Rasa geumpeur sempet karasa, dugika kuring teu bèbas maèn. Tapi, di babak kadua kuring nyoba ngomèan, sareng Alhamdulillah, kuring ngarasa leuwih alus," jèntrè Jajang.
Sumber: VIVAbola
0 komentar:
Posting Komentar