![]() |
Persib Bandung |
Alasanna, "Menyerang nyaèta pertahanan anu alus," saur Pelatih Maung Drago Mamic , Jum'at wengi, 13 Januari 2012.
Masing teu sempet nguji lapangan bola Aji Imbut kulantaran cuaca anu teu ngadukung, Drago parantos ngaracik taktik kanggo nantang Kukar malihan ti Bandung mula, samèmèh angkat ka Kalimantan. Di Stadion Siliwangi dua poè ka tukang, Drago geus nganggebèr barudak asuhanna ku latihan kangge nuntaskeun paluang gol jeung taktik ngolah bal mimiti di lapang, jeung koordinasi pertahanan.
Palatih asal Kroasia èta ngaku bungah nempo antusiasme barudak Maung kompak latihan, khususna saatos sukses ngagulung PSMS Medan di Stadion Si Jalak Harupat Senèn 9 Januari ka tukang. "Sim kuring gè seneng sadaya pamain latihan serius sareng bungah dina satiap latihan. Ieu alus pisan pikeun sim kuring jeung pamaèn,"saurna.
Tina informasi anu dihimpun, enjing (red, ayeuna) Pèrsib kamungkinan teu bisa nampilkeun sabagian pamaèn andalanna sacara pinuh 90 menit pikeun ngahèmat ènèrgi. Ieu alasan bakal dina dua poè nyelang atawa kurang tina standar nyegerkeun pamaèn 3x24 jam, Maung kudu nantang Persisam Samarinda.
Di Tenggarong enjing (red ayeuna), kamungkinan Pèrsib arèk masang kombinasi pamaèn mimiti yakni, Jandry Pitoy (kiper), Abanda Herman, Maman Abdulrahman (kapten), Zulkifli Syukur, M. Nasuha, Hariono, Tony Sucipto, Miljan Radovic M. Ilham, Aliyudin, Airlangga/Sakyi Moses.
Lamun Mitra Kukar dipastikeun tampil ku kombinasi yakni, Hendro Kartiko (kiper), Isnan Ali, Victor Badawi, Z. Abdul Gamal, Hamka Hamzah, Lee Saong Min, Ahmad Bustomi, Nemanja Obric, Mahadirga Lasut, Marcus Bent, Jajang Mulyana
Sumber: Tempo.co
Tidak ada komentar:
Posting Komentar