Kamis, 16 Februari 2012

Sajak Galunggung

Gunung Galunggung (Wikipedia)
Galunggung gunung agung tur luhur
Anu pernah ngawur pasir ka kampung-kampung
Lantaran galunggung bitu dugi ka kampung hancur

Galunggung kiwari deui rame
Lantaran karaos hudang tina sare
Beja ti mana-mana
Yen Galunggung siaga

Senin, 13 Februari 2012

Ukur jadi kalangkang

Sajak IWAN M. Ridwan


Bulan ukur jadi kalangkang dina peuting ngabangingik, jadi tumbal dina réwuan juta lampu nu moncorong. Beureum, konéng ngagindingan kota, sawaréh lalumpatan di jalan-jalan patakonan. Ting garerung bari ting sérépét meupeus lamunan. Langit beuki alum némbongkeun kaceuceub. Kuring beuki anteng ngelun-ngelunkeun haseup filter, sumarambah ngalimpudan jomantara. Nyéh, bulan seuri basa kuring ngajak sasalaman, ngajak ulin lulumpatan dina kecap-kecap nu ngawangun puisi…


Bandung, 19 Pébruari 2008


Dimuat dina Galura edisi Minggu ka I Agustus 2010

Sumber: GP

Jumat, 10 Februari 2012

Rya Fitria - Jalir Jangji

Dihaleuangkeun ku: Rya Fitria / Nia Daniati/ Yana Kermit

Teu lami sasasih deui
asih urang bakal ngahiji
Teu weleh dianti-anti
bakal nyorang laki rabi

Awas ulah robih deui
komo deui rek jalir jangji
estu cinta ukur hiji
nepi ka dijemput pati

Nya abdi sareng salira
pada pada mikacinta
susah senang sesarengan
pait manisna dua..an…

Ulah jalir jangji
Ulah jalir jangji
Komo deui aya niat nganyenyeri

Ulah jalir jangji
Ulah jalir jangji
Komo deui aya niat gaduh deui

Kadeudeuh nu urang
kaheman keur urang

(uihan deui ka awal)

Reff:
Ulah jalir jangji
Ulah jalir jangji
Komo deui aya niat nganyenyeri

Ulah jalir jangji
Ulah jalir jangji
Komo deui aya niat gaduh deui

sumber : LS

Rabu, 08 Februari 2012

Tur Papua, Persib Ngaharepkeun teu Dirugikan Deui ku Faktor Non Téknis

Persib
Bandung - Persib Bandung ngaharepkeun teu deui dirugikan faktor non téknis waktu ngajalanan tur Papua ngalawan Persiwa Wamena sarta Persipura Jayapura. Faktor non téknis éta salah sahijina keberpihakan wasit dina tuan imah.

Cacak ogah nyebutkeun udagan poin, 'Maung Bandung' mengincar hasil positif dina lawatannya ayeuna.

Selasa, 07 Februari 2012

Pamaén Ngora Persib Mimitian Pede

Persib
BANDUNG - Laga derby Jawa Barat antara Persib Bandung versus Pelita Jaya Karawang di Stadion Si Jalak Harupat Soreang Kabupatén Bandung minggu (5/2) peuting kamari jadi ajang pembuktian pikeun pamaén ngora Persib Jajang Sukmara. Betapa henteu, Jajang beuki asak jadi bagian tim inti Persib Bandung, musim ieu.
 

.: 5und4 nu ur4n9 :. Copyright © 2012 -- Template created by O Pregador -- Powered by Blogger