![]() |
Gunung Galunggung (Wikipedia) |
Anu pernah ngawur pasir ka kampung-kampung
Lantaran galunggung bitu dugi ka kampung hancur
Galunggung kiwari deui rame
Lantaran karaos hudang tina sare
Beja ti mana-mana
Yen Galunggung siaga
Sing eling kasadaya
Galunggung tos dicoba
Pikeun ngeling ka baraya
Hayu batur
Urang nyuhun ampun
Sinareng nyucap syurur
Baraya sukapura sadaya
Hayu urang ngado'a
Bugia di tahun dua rebu dua belas ayeuna
Maha kuasa masihan karunya
Ya Alloh anu agung
Kuring nyuhun ka Maha Ghofur
Mugia galunggung teu jadi bitu
-----------------------------------------------------------------------------
Sajak ieu dipidamel ku Irfan Ruswandi kaping 16 Februari 2012, ku lantaran aya beja Gunung Galunggung tos aktif deui.
0 komentar:
Posting Komentar