![]() |
Rd. Dewi Sartika |
Déwi Sartika dilahirkeun ti kulawarga priyayi sunda, Nyi Radén Rajapermas jeung Radén Somanagara. Masing ngalanggar adat waktu harita, Ibu Ramana keukeuh nyakolakeun Déwi Sartika, ka sakola Walanda deui. Sapupus Ramana, Déwi Sartika diasuh ku Uwa-na nu mangrupakeun Patih di Cicaléngka. Ti Uwa-na, Anjeuna meunang didikan Kasundaan, sedengkeun wawasan kabudayaan Barat meunang tina ladang didikan Asistén Résiden bangsa Walanda.
Ti taun 1902 Déwi Sartika tos ngarintis Sakola kanggo kaom Istri. Di ruangan alit, di pipir bumi Ibuna di Bandung, Déwi Sartika ngajar di payuneun anggota Kulawarga Istri. Ngarenda, Masak, Ngaput, Maca, Nulis, Ngitung jsb, ngajadikeun matéri pangajaran harita.
Sanggeus konsultasi jeung Bupati RA. Martanagara, dina ping 16 Januari taun 1904, Déwi Sartika muka Sakola Istri kahiji sa-Hindia - Walanda. Guruna tilu urang, nyaéta Déwi Sartika sareng dulurna, Ny. Poerwa jeung Nyi. Oewid. Murid angkatan kahijina kur 20 urang-an, ngagunakeun ruangan pendopo kabupaten Bandung.
Bulan Séptémber 1929, Déwi Sartika ngayakeun peringatan pendirian sakolana nu tos 25 tahun. Nu saterusna ganti ngaran jadi "Sakola Radén Déwi". Ku jasana ieu, Déwi Sartika dipasihan bintang jasa ku pamaréntah Hindia-Walanda.
Déwi Sartika pupus ping 11 September 1947 di Tasikmalaya, jeung dimakamkeun maké upacara pamakaman saderhana di pamakaman Cigagadon Désa Rahayu Kacamatan Cinéam Kabupatén Tasikmalaya. Tilu taun diharita makamna dialihkeun ka kompléks Pamakaman Bupati Bandung di Jalan Karang Anyar, Kabupéten Bandung.