Jumat, 12 Desember 2014

Pupuh Sinom

Bébas Wirahma

Harta pada naréangan
Harti pada nyararungsi
Sabab duanana guna
Harti bisa méré bukti
Harta pon kitu deui
Bisa ngabul nu dimaksud
Nedunan sakahayang
Tapi harta gampang leungit
Mungguh harti mangpaat dunya ahérat

Réa nu nampa warisan
Ngadak-ngadak sugih mukti
Salieuk béh hirup ngeunah
Senang ngahenang ngahening
Gawé ukur pelesir
Duitna diawur-awur
Bandana beuki suda
Paingan ceuk nini-aki
Najan gunung ditugaran tangtu cepak




Dicutat tina Serat Kanayagan sareng Rumpaka
17 Pupuh Sunda
yasana: Mang Koko & Patah Nataprawira
Yayasan Cangkurileung 2005

Pupuh Kinanti (Kidung)

Bébas Wirahma


1
Itu naon nu ngahiung
Suat-siet henteu cicing
Ngawang-ngawang kawas heulang
Muter karalang-kuriling
Sihoréng kapal nu urang
Kapal udara ngalingling

2.
Semu teu aya kapaur
Henteu sieun henteu gimir
Abong geus asak latihan
Pinter paham juru mudi
Kapal nurut ka karepna
Ka mana-mana kasungsi


Dicutat tina Serat Kanayagan sareng Rumpaka
17 Pupuh Sunda
yasana: Mang Koko & Patah Nataprawira
Yayasan Cangkurileung 2005

Pupuh Kinanti

Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Nguriling kakalayangan
Néangan nu amis-amis
Sarupaning bubuahan
Naon baé nu kapanggih

Ari beurang ngagarantung
Eunteup dina tangkal kai
Disada kokoréakan
Cing hempék ku bapa pikir
Nu kitu naon ngaranna
Lolong lamun teu kapanggih


Dicutat tina Serat Kanayagan sareng Rumpaka
17 Pupuh Sunda
yasana: Mang Koko & Patah Nataprawira
Yayasan Cangkurileung 2005



Pupuh Dangdanggula

Lambang RI jero ngandung harti
Lamun bener diamalkeunana
Persatuan tangtu témbong
Teu cukup ku disebut
Atawana apal na biwir
Bhinéka Tunggal Ika
Maksudna gumulung
Kabéh sélér-sélér bangsa béda-béda
Tatapi asal sagetih
Béda tapi saasal


Dicutat tina Serat Kanayagan sareng Rumpaka
17 Pupuh Sunda
yasana: Mang Koko & Patah Nataprawira
Yayasan Cangkurileung 2005


Hiji basa
Hiji bangsa
Bangsa-bangsa indonesia

Hiji bangsa
Hiji nusa
Nusa tunggal nusantara
Seler-seler suku bangsa
Diwewengkun mana-mana
Suka-suka sakaduka
Wujud bangsa indonesia

Pupuh Asmarandana

Bébas Wirahma

1.   
Aya nu lumpuh musapir
Bari sila sisi jalan
Kadupak ku anu lolong
Anu eukeur barangsiar
Néangan sandang pangan
Anu lolong gebut labuh
Nu kadupak katindihan

2.   
Duanana pada nyeri
Anu kadupak nyarékan
Nu ngadupak bet bengong
Sasadu ménta hampura
Lantaran henteu awas
Ahirna pada sasadu
Pédah pada henteu terang

3.
Ahirna jadi ngahiji
Sosobatan dalit pisan
Ki Lumpuh terus diakod
Ku ki Lolong anu bedas
Tatapi henteu awas
Ku pitulungna ki Lumpuh
Bisa ngider ka mamana


      
Dicutat tina Serat Kanayagan sareng Rumpaka
17 Pupuh Sunda
yasana: Mang Koko & Patah Nataprawira
Yayasan Cangkurileung 2005

 

.: 5und4 nu ur4n9 :. Copyright © 2012 -- Template created by O Pregador -- Powered by Blogger