![]() |
Karinding awi jeung karinding kawung |
Karinding mangrupakeun salah sahiji alat musik tiup tradisional Sunda. Aya sababaraha patempatan anu katelah dina ngadamél ieu karinding, samisal ti wewengkon Citamiang, Pasirmukti, Tasikmalaya, Léwo Malangbong, (Garut),jeung Cikalongkulon (Cianjur) anu nyieun karinding tina palapah kawung (enau). Ti wewengkon Limbangan sareng Cililin mah, karinding teh dijieunna tina awi, ieu nyirikeun taun dijieunna, jeung anu makéna nyaéta para istri, ningali dina wangunna jiga susuk ngarah gampil ditancebkeun dina gelungan rambut. Sedeng bahan kawung lolobana dipake ku lalaki, wanguna leuwih pondok ngarah bisa diselapkeun dina wadah bako. Wangun karinding aya tilu ruas.
Cara Maénkeun
Karinding disimpen dina biwir, terus tepak bagian paneunggeulna ngarah kacipta résonansi sora. Karindng biasana dimaénkeun sacara solo atawa grup (2 nepi ka 5 Urang). Hiji diantarana disebut juru kawih anu ngatur ritem. Di wewengkon Ciawi, baheulana karinding dicoo kalayan takokak (pakakas musik bentukna kawas daun).
Mangpaatna
Karinding téh alat pikeun ngusir hama di sawah. Sora anu dihasilkeun tina keleterna jarum karinding mah sora handap low decible. Sorana dihasilkeun tina gésékan gagang karinding jeung tungtung curuk nu ditepak-tepakkeun. Éta sora anu kaluar téh ngan kadéngé ku sabangsa wereng, simeut, jangkrik, manuk, jeung sajabana. Kiwari éta sora téh disebutna ultrasonik. Ngarah betah di sawah, cara nyadakeunana ngagunakeun baham ngarah resonansina jadi musik. Kiwari, karinding kalan-kalan dibarungkeun jeung alat musik lianna.
Bédana nyadakeun karinding eung alat musik jenis mouth harp séjénna nyaèta lebah tepakan. Ari nu séjénna mah ditoèl. Nya ku cara ditepak loba kapanggih wirahma anu béda-béda. Ketukan tina waditra karinding disebutna Rahèl, nyaèta keur ngabédakeun saha anu kudu nepak tiheula jeung satuluyna. Nu tiheula makè rahèl kahiji, anu kadua makè rahèl kadua, jeung saterusna. Euyeubna sora nu dihasilkeun ku karinding nimbulkeun rupa-rupa sora, antarana bae sora kendang, goong, saron boning atawa bass, rhytm, melodi jeung sajabana. Malah ku karinding urang bisa nyieun lagu sorangan, sabab cara nepakna anu beda jeung sora dina baham nu bisa divariasikeun bisa ngagampangkeun urang keur ngahasilkeun sora nu warna-warni. Cék kolot, baheula mah ngalagu teh bisa ku karinding, Upama urang geus maher ngulinkeun sora karinding, bakal manggihan atawa ngahasilkeun sora pikeun ngomong, tapi sora anu kaluarna sada sora robotik.
Sumber: Wikipedia
1 komentar:
Salaku urang sunda, malahan turunan urang Citamiang Pasirmukti, simkuring dugika teu apal kana karinding.
Waler Cariosan
Posting Komentar